1 Timoteus 4
Roh Suci geus netelakeun yen ka hareup bakal aya jalma-jalma anu naringgalkeun piwuruk Kristus, kaceot ku roh-roh bohong, mengpar kana pangajaran setan,
anu diliarkeun ku tukang-tukang merdaya, anu batinna ibarat geus tutung ku beusi hurung, geus paeh bebeneranana.
Ceuk pangajaranana, jalma teu meunang kawin, jeung kudu pantrang kana sawatara rupa kadaharan. Padahal eta kadaharan teh diciptakeun ku Allah sangkan ku urang didahar sanggeus urang muji sukur heula ka Mantenna. Kitu ari nu percaya jeung geus nyaraho kana kayaktian Mantenna mah.
Saniskara anu diciptakeun ku Allah teh hade, taya nu wajib ditolak, kabeh kudu ditarimakeun dibarengan ku muji sukur.
Sabab lamun geus diberkahan ku Allah jeung geus disanggakeun dina paneda, eta kadaharan teh jadi sapuk jeung manah Allah.
Pek hal ieu ku hidep papatahkeun ka dulur-dulur, sangkan nyata hidep teh palayan Yesus Kristus anu hade. Hidep pribadi kudu ngabayuan diri ku sabda hal percaya jeung ku piwuruk hal kayaktian anu geus jadi anutan hidep.
Dongeng-dongeng tahayul jauhan, da taya paedahna. Latih diri kana lampah ibadah.
Olah raga aya gunana keur badan, ari latihan batin mah gunana kana sagala perkara, nungtun kana hirup di dunya jeung di aherat.
Saestuna eta teh! Wajib ditarima jeung dipercaya sagemblengna.
Urang daek susah payah hese cape dina hal ieu teh lantaran ngandel ka Allah anu jumeneng, Jurusalamet sakumna manusa, pangpangna anu percaya ka Mantenna.
Heug ieu piwuruk teh ku hidep wurukkeun.
Hidep ulah pedah ngora tuluy beunang disapirakeun. Dina ucap, dina kalakuan, dina kanyaah, dina kapercayaan, jeung dina kamulusan hirup, hidep kudu jadi tuladan ka sasama saiman.
Memeh bapa datang engke, pake waktu hidep kana mangmacakeun Kitab Suci ka dulur-dulur, hutbahkeun, wurukkeun.
Hidep geus dikurniaan Roh Allah waktu diistrenan, ku jalan ditumpangan panangan ku para kokolot, dibere ucapan piwejang nabi-nabi. Eta kurnia teh ulah dilalaworakeun.
Pake, lampahkeun, abdikeun diri kana hal eta, supaya tembong ku sarerea yen hidep aya kamajuan.
Jaga diri ati-ati, awaskeun pangajaran. Sing rajin ngalakonan eta kabeh sangkan jamuga, boh hidep pribadi, boh anu ngadengekeun piwuruk-piwuruk hidep.